Nyundakeun Urang Sunda

Nyundakeun Urang Sunda

Posted on May 28, 2012

Teu saeutik urang Sunda anu can manggih hartina Sunda, kumaha mimitina, naon sababna disebut Sunda, jeung teu sadar yen ngaran wewengkon Sunda teh sabenerna mah ayeuna geus leungit deui. Can aya kacaritakeun inohong Sunda anu kabeuratan ku leungitna ngaran wewengkon Sunda atawa Pasundan. Malah nepikeun ka ahli sajarah Sunda oge lolobana lamun nulis buku anu eusina sajarah di wewengkon Sunda make judul Sajarah Jawa Barat. Aya naon jeung kunaon nepikeun ka kitu, padahal eusina jelas-jelas samemeh ngadegna Propinsi Jawa Barat, sedengkeun anu disebut Jawa Barat mah henteu ngawakilan Tatar Sunda segemblengna.

Ieu tulisan teu aya maksud pikeun mangaruhan NKRI, tapi sabalikna pikeun nguatkeun NKRI kudu aya rasa silih ajenan jeung silih hormat ka indentitas masing-masing. Loba urang Sunda nu ngarasa diteungteuinganan ku leungitna ngaran Sunda atawa Pasundan sacara administratif. Memang masih aya keneh ngaran Tatar Sunda sacara de facto anu ti waktu ka waku mangkin luntur. Ieu kanyataan teh ngahariwangkeun pisan, lantaran geus kacontoan ku leungitna ngaran Sunda Kalapa nu pernah ngadeg leuwih ti 10 abad. Lamun teu percaya bisa dicobaan, misalna lamun rek indit ka Jakarta aya nu nanya “Bade ka mana ?” lamun di jawab “Bade ka Sunda Kalapa”, tangtuna bae anu nanya teh bakal rungah-ringeuh atawa kerung.

Nujadi masalah dina tulisan ieu lain nanaon, tapi perkara jati diri jeung eksistensi urang Sunda. Memang ngarasa teu mernah aya etnis, aya budaya, aya bahasa tapi teu boga wewengkon sacara de jure.

Asal Usul Ngaran Sunda

Ngenaan ngaran Sunda sacara administratif teu aya hubunganna jeung terminologi geografis anu disebut Greater Sunda (Sumatra, Jawa, Kalimantan, Sulawesi) jeung Lesser Sunda (Bali, NTB, NTT). Ngan nu jelas mah nurutkeun sajarah, mimiti ayana ngaran Sunda anu aya patalina jeung ngaran tempat nyaeta sabada peristiwa pindahna puseur karajaan Tarumanagara ku Sang Purnawarman (raja katilu Tarumanagara) ti Jayasingapura (Jasinga) ka dayeuh anyar nu dibere ngaran Sundapura, hartina kota Sunda. Sedengkeun ngaran Sunda sorangan asalna tina bahasa Sansekerta sudha atawa sundha nu pihartieunnana beresih, herang, murni, aya oge nu ngahartikeun cahaya atawa cai. Eta kajadian teh di ahir abad kaopat, anu dijieun dayeh anyar tempatna lewih ka palebah kaler batan deyeuh heubeul ngadekeutan basisir, anu aya aliran walungan Gomati jeung Chandrabhaga (Prasasti Tugu, Cilincing). Saterusna Sang Purnawarman nyieun palabuan, ceuk dina sajaarah mah nyieun palabuan teh ti 15 Desember 398 nepikeun ka 11 Nopember 399 Masehi, jigana eta palabuan teh saterusna nu disebut Sunda Kalapa tea. Eta ngaran Sunda Kalapa oge ti saprak diganti ngarana jadi Batavia ku Walanda teu balik deui, malahan nu saterusna diganti jadi Jayakarta jeung Jakarta nepikeun ka kiwari.

Sunda Jadi Ngaran Karajaan

Taun 669 Masehi Tarusbawa ngadeg jadi raja ngaganti mitohana Sang Maharaja Linggawarman, Raja ka-12 Tarumanagara, aya dua kajadian anu penting dina sajarah Sunda. Kahiji Tarusbawa nganganti ngaran karajaan Tarumanagara jadi Sunda Sembawa, hartina tanah kabuyutan (nagri tanah leluhur). Kadua mindahkeun dayeuh ti Sundapura ka wewengkon pagunungan, mun ayeuna mah nu disebut wewengkon Pakuan. Di dayeuh anyar manehna ngawangun lima karaton nu ukuran jeung bentukna sarua dijajarkeun. Masing-masing karaton dibere ngaran Sri Bima, Punta, Narayana, Madura jeung Suradipati. Timimiti harita Sunda eksis jadi ngaran karajaan. Sedengkeun dayeuh anyar tempat ngadegna lima karaton anu ngajajar jadi purwa daksi ngaran Pajajaran.

Sunda Jadi Ngaran Etnis

Can aya referensi anu jelas ngenaan iraha mimitina disebut etnis Sunda. Tapi lamun nalungtik sajarah katukang, jiganamah dimimitian ku ngadegna Sunda Sembawa. Sajarah sebutan etnis Sunda nurutkeun panyawangan prosesna teu jauh beda jeung ngadegna karajaan Sunda, ngan bedana lamun sebutan karajaan Sunda aya proses waktu anu tangtu ngukuhkeun ngaran karajaan ku Tarusbawa, sedengkeun sebutan ngaran etnis Sunda sacara alami. Jadi memang rada hese nangtukeun titik awalna, lantaran aya patula patalina jeung khas budaya, adat istiadat, bahasa jsb. (jeung sajabana).

Wewengkon Sunda

Loba nu nganggap yen wewengkon Sunda identik jeung wewengkon Jawa Barat baheula sememeh pisah jeung Banten. Eta anggapan teh kaliru lantaran anu disebut Jawa Barat mah nyaeta wewengkon anyar anu dijieun henteu nurutkeun indentitas etnis tapi nurutkeun Undang-undang no.11 taun 1950.

Batas wewengkon Tatar Sunda pelebah kaler, kidul jeung kolon mah teu hese maluruh lantaran sakurilingna basisir. Ngan palebah wetan kudu ditalungtik dina sajarah sabab batas Jawa barat lain batas wewengkon tatar Sunda.

Aya sababaraha katerangan ngenaan wewengkon Sunda anu bisa keneh dipaluruh diantarana katerangan sajarah ‘Tragedi Bubat’, perjalanan Bujangga Manik jeung waktu ngadegna Prabu Gesan Ulun waktu dilantik jadi nalendra ahli waris Pajajaran.

Tempat kajadian gugurna Raja Sunda Prabu Lingga Buana waktu nyumponan janji jeung Raja Majapait Hayam Wuruk. Waktu harita raja Sunda jeung raja Majapait janji tepung di batas nagri anu disebut Bubat pikeun ngalaksanakeun seserahan putri Diah Pitaloka anu rek ditikah ku Hayam Wuruk. Ngan hanjakal Hayam Wuruk jalir kana janji, antukna jadi musibah anu saterusna diabadikeun dina sajarah Sunda. Jadi lamun nurutkeun kajadian eta, batas wewengkon Sunda palebah wetan nyaeta anu disebut Bubat.

Catetan perjalanan Bujangga manik anu boga ngaran aslina Prabu Jaya Pakuan. Sanajan manehna jadi salah saurang prabu tapi hirupna leuwih condong jadi resi. Waktu ngayakeun perjaanan ngumbara mapay kabuyutan anu jadi puseur agama Hindu ka palebah wetan nepi ka wewengkon Majapait jeung Bali, aya catetan perjalanan nu nyebutkeun mentas Cipamali pikeun asup ka wewengkon Jawa. Ayeuna walungan Cipamali teh mindeng di sebut kali Brebes jeung kaasup ka wewengkon Jawa Tengah. Eta dokumen perjalanan teh ditulis dina daun nipah mangrupa puisi saloba 29 lambar, kiwari aya di perpustakaan Bodleian, Oxford ti saprak tahun 1627 Masehi.

Waktu Prabu Geusan Ulun Raja Sumedang Larang dilantik ku 4 Kandaga Lante ti Pakuan Pajajaran, Geusan Ulun resmi jadi nalendra neruskeun Pajajaran anu batas wewengkonna ; palebah kidul laut kidul, palebah kaler laut kaler, palebah kulon walungan Cisadane (batas Sumedang Larang palebah kolon lantaran ti Cisadane ka kulon geus jadi Kasultanan Banten), palebah wetan walungan Cipamali. Eta katerangan batas wewengkon teh ayeuna oge masih bisa dibaca di makam Geusan Ulun Dayeuh Luhur Sumedang.

Leungitna Ngaran Sunda

Sabada rungkadna Karajaan Sunda Pajajaran, ngaran wewengkon Sunda mimiti leungit. Memang Sumedang Larang ngawarisan Pajajaran ngan hanjakal geus teu ngawakilan Sunda deui. Karajaan Sumedang Larang ngan ukur ngungkapkeun eksistensi Pajajaran sacara emosional, yen Pajajaran henteu ludes pisan.

Ngaran Sunda kungsi muncul deui dina taun 1947, waktu harita R.M. Soeria Kartalegawa anu samemehna pernah jadi bupati Garut mroklamirkeun Republik Pasundan, jeung nu jadi wali nagarana R.A.A.M. Wiranata Kusumah, malah kungsi ngalaman sababaraha kali robah kabinet. Saenggeusna dibubarkeun dina tanggal 11 Maret 1950, ngaran Sunda anu aya patula patali jeung tempat, leungit lebeng teu muncul deui nepikeun ka ayeuna.

Ngadegna Republik Pasundan ku Suria Kartalegawa pernah jadi polemik, jadi bahan adu argumen antara Rosihan Anwar jeung Asep Sjamsulbachri. Rosihan Anwar nganggap yen Soeria Kartalegawa tokoh penghianat, sedengkeun Asep Sjamsulbachri sabalikna. Anu jadi masalah lain pasualan adu argumen, tapi kunaon ngadegna Republik Pasundan jadi perkara sedengkeun nagara bagian nu sejen teu di ungkit-ungkit, padahal waktu harita Indonesia teh nagara sarikat.

Hanjakal pisan ngaran wewengkon Sunda anu geus pernah eksis kurang-leuwih 1000 taun leungit teu kapuluk deui, jeung matak heran can aya kasebutkeun dina sajarah ti baheula nepikeun ka kiwari inohong Sunda kabeuratan ku leungitna ngaran Sunda atawa Tatar Sunda. Hese kahartina, berjuang nanjeurkeun nagara tapi mopohokeun kana jati dirina, asa kuharianeun siga anu panuju pisan kana leungitna ngaran Tatar Sunda.

Masalah sejen anu ayeuna keur karandapan ku urang Sunda nyaeta perkara jatidiri. Umumna self identity urang Sunda kurang kuat. Loba conto anu bisa dibandungan di mana-mana, boh di Bandung anu kaasup salah sahiji puseur wewengkon Sunda kitu deui urang Sunda nu ngumbara di manca nagara. Lamun nyambat atawa ngageroan kanu teu wawuh malah kanu wawuh oge, bari jeung sarua urang Sunda loba anu make mas atawa mba lain kang, a, ayi, teteh atawa ceu. Jadi wajar lamun nu sejen teu mirosea ka Sunda da urang Sunda sorangan oge geus loba nu api lain.

Pasualan anu teu eleh ngahariwangkeun nana, loba pisan nonoman Sunda nu teu apal kana sajarahna sorangan. Sajaba ti eta hese neangan literatur sajarah Sunda, komo deui literatur sajarah nu make basa Sunda. Kaayaan urang sunda kiwari bisa disebutkeun katurug katutuh. Malah dina taun 2006 mah pernah geunjleung aya anu ngakukeun Kekaisaran Sunda Nusantara. Ku maca judulna oge geus kacida pisan salahna, pangakuanna patukeur jeung terminologi geografi. Hal ieu teh mere indikasi yen maranehannana teu ngartieun kumaha karajaan Sunda sabenerna baheula, ngan dikira-kira ku sawangan anu salah.

Lamun dibandungan leuwih jauh, kaayaan Sunda ayeuna ibarat poe anu rek surup, anu tina waktu ka waktu ngalaman erosi boh dina ngaran, sajarah, budaya kitu oge bahasa. Ngaran Sunda Kalapa teu balik deui, ngaran wewengkon ngan tinggal pangakuan wungkul, kana sajarah sorangan geus loba anu teu apal, geus loba anu teu daek make basa sorangan, majarkeun teh cenah basa Sunda mah kampungan atawa alasan sejen anu rada mernah, pokna teh era sieun salah. Komo kana tulisan mah, geus bisa disebutkeun lapur, lantaran geus hese neangan anu masih keneh bisa maca jeung nulis aksara Sunda.

Urang Sunda Kudu Ngarobah Sikep

Handap asor, rengkuh ka batur, someah ka semah, silih asih, silih asah jeung silih asuh anu geus jadi filosof dina budaya Sunda sacara turun-tumurun. Jiganamah dumasar kana filosofi eta urang Sunda ngajenan pisan ka pihak deungeun, jadi kaharti pisan lamun urang Sunda loba ngelehan maksudna pikeun ngaragangan. Urang Sunda lamun boga kahayang geus jadi kabiasaan leuwih tiheula sok ngaragap hate deungeun. Ieu kanyataan ngalahirkeun sindiran filosof anekdot ‘mangga tipayun, mangga ngiringan’.

Sabenernamah pasifatan urang Sunda teu cocok ulubiung dina politik praktis di Indonesia, lantaran teu biasa ngarempak adat anu geus jadi kabiasaan, sedengkeun dina politik praktis loba pisan usaha terobosan baru jeung satekah polah nyingkirkeun lawan politikna. Jadi urang Sunda anu ulubiung dina politik praktis di Indonesia ibarat hirup di habitat sejen. Jadi kaharti lamun loba anggota wakil rayat di DPRD Jawa Barat loba lain urang Sunda pituin.

Pikeun mertahankeun eksistensi Sunda di Tatar Sunda, ti ayeuna ka hareup anu kasebut inohong Sunda atawa anu boga pancen jadi pamimpin wayahna kudu bisa ngarobah sikep dina harti positif jeung kudu mikirkeun akibatna. Lantaran ku saha deui Ki Sunda dipertahankeun lamun lain ku urang Sunda Sorangan.

Dina kaayaan Tatar Sunda ayeuna nu geus heterogen jeung pinuh ku persaingan, kudu ninggalkeun gaya hirup model carita rayat Si Kabayan anu pamalesan, hirup sahayuna, pinter-pinter bodo, gawena ngan ngorek ceuli di tepas imah, atawa Karnadi Bandar Bangkong anu loba ngalamun, teu ngukur ka kujur jeung teu mikirkeun akibatna.

Pikeun ngahudang rasa patriot di Tatar Sunda, teu aya salahna lamun urang mieling jaman katukang. Aya sababaraha urang tokoh Sunda anu salila hirupna toh-tohan ngabela harga diri kasundaan saperti Lingga Buana, Surawisesa, Jaya Perkasa jeung nu sejenna. Ka beh dieuna aya oge pamingpin Sunda anu ngabela rayat saperti Pangeran Kornel. Eta kajadian sajarah anu atra figur kapahlawanana aya hadena jadi bahan kurikulum di sakola utamana pikeun muatan lokal. Lantaran moal wanoh lamun teu wawuh, moal aya rasa reueus kana kasundaan nana lamun teu apal kana sajarahna sorangan.

Lamun generasi anyar ayeuna teu dihudang deui kana jati dirina, teu mustahil dina waktu kahareup anak incu bakal kaleungitan obor, ngan ukur bisa nyarita ‘cenah mah urang teh katurunan Sunda’. Antukna Ki Sunda teh leungit ngan kari ngaran nu aya dina sajarah wungkul, kitu oge lamun masih keneh aya literatur jeung sempet maca. ***

Daftar Pustaka

Anwar, H. Rosihan, Ph.D. Negara Pasundan Versi Karta Legawa, Bandung : Pikiran Rakyat Edisi 12 Desember 2006.

Iskanadar, Yoseph. 1997. Sejarah Jawa Barat, Bandung : CV Gerger Sunten

Polisi Datangi Rumah Aktivis Kekaisaran Sunda Nusantara : Kompas Edisi 24 Mei 2006

Sjamsulbachri, H. Asep, Prof. Dr. Negara Pasundan Versi Karta Legawa, Bandung : Pikiran Rakyat Edisi 8 Januari 2007

Wapedia, Bujangga Manik

http://caritakuring.wordpress.com/2009/05/13/leungitna-ngaran-sunda-di-tatar-sunda/

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s