KItab Sunda Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu taktik tempur kamilitéran

Yana Sastra

November 19

KItab Sunda Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu taktik tempur kamilitéran

By Aan Merdeka Permana in SALAKANAGARA

Dua Kitab Karatuan ti Sunda Ngalahirkeun Pamingpin Nusantara kakoncara sa Asia Tenggara.

RADÉN SANJAYA ngahijikeun Nusantara. Inyana ngabogaan stratégi perang jeung tata-nagara. Boga syarat sipatna1. “tuhu” (kuat dina kasatiaan),2. “tuah” ( kuat lahir batin) je

ung 3. “tulah” (kuat atawa sanggup dina ngahukum deungeun). Raden Sanjaya, Radén Wijaya jeung Prabu Siliwangi boga éta tilu kakuatan, ngajalankeun élmu Kitab Karatuan, nyaéta Kitab Sanghyang Sasanakerta jeung Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu.


Radén Sanjaya ngawasa eusi dua Kitab ajaran. ngeunaan Kapamingpinan jeung élmu perang “Yuddhenipuna mwah Baladhika ning Wadyabala”, sumbern tina Kitab Sanghyang Watangageung, karya Resiguru Kenda Tarumanagara, Raja Tarumanagara ke 10, Suryawarman sabdana :

“…ini sabda kalandara rakyan juru pangambat i kawihaji panyca pasagi marsa ndesha barpulihkan haji sunda.”

lahir Kitab Sanghyang Sasanakerta Raja Kendan ka-6 nyaéta Kandiawan Déwaraja

diwariskeun ka Wretikandayun Raja Karajaan Galuh. Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu karya Raja Tarumanagara ke 11, Prabu Suraliman, diwariskeun ka Prabu Linggawarman, , Prabu Tarusbawa Karajaan Sunda taun 669 Maséhi.

Radén Sanjaya téh turunan Wretikandayun, ti Mandiminyak. Bapana Bratasenawa jadi Putra Mahkota Galuh, Kitab Sanghyang Sasanakerta bogana Wretikandayun,di warah ku ka Resiguru Rabuyut Sawal di Gunung Sawal, Resi Séda Sakti atawa Séda Suci). Radén Sanjaya ditugaskeun ku Tarusbawa mraktekeun élmu Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu dina numpas kaum karaman (rampog) di wilayah Karajaan Sunda,

“kaampuhan Pustaka Ratuning Bala Sariwu na yudhakala rebut kreta Galuh Pakuan na kadatwan wus dumadi ranasabha ingga purbasora pinenjahan dening Sanjaya yudhakala.” Maksudna, kaampuhan Kitab Pustaka Ratyuning Bala Sariwu geus sanggup meruhkeun Galuh katut ngabinasakeun Purbasora.

Radén Sanjaya nyérénkeun Karaton Galuh Karangkamulyan ka Premanadikusuma turunan Galuh, dibarengan ku Tamperan turunan Sunda Pakuan. Maranéhna diaku salaku raja bawahan Radén Sanjaya. Ti taun 723 tepika 732 Maséhi Radén Sanjaya téh kumawasa di tilu karajaan. Karajaan Sunda, Karajaan Galuh jeung Karajaan Mataram 754). Karajaan Galuh disérénkeun ka Radén Manarah (Ciung Wanara) turunan murni Wretikandayun, ti aki Prabu Jantaka jeung bapana Premana Dikusumah. dua karajaan (Sunda jeung Galuh jadi Pajajaran), diwariskeun ka Jayadéwata / Sri Baduga Maharaja (Prabu Siliwangi),

Kitab diwariskeun ka karajaan-karajaan nu aya di Jawa Tengah jeung Jawa Timur tarapis pisan dina tata-cara ngagedékeun komara nagara, tata-nagara boh kamilitéran. Ngamajukeun Jawadwipa, wangsa séjénna saperti jeung wangsa Wangsa Syailéndra , Wangsa Iswara, di Jawa Tengah jeung Jawa Timur. Radén Sanjaya téh Gurhyang Duta Laksana (Panembahan Patriot Sunda). ***

Dimuat dina Majalah Sasakala Sunda Ujung Galuh

Unlike ·  · Share
  • Yana Sastra 12 bagian gelap bulan Asuji tahun 490 Saka (tanggal 5 Oktober 568 M.) KItab Sunda Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu taktik tempur kamilitéran
  • Yana Sastra upami Ciamis Jeung Garut ayeuna teu mekar dina tangtung “leu’it sallawe nagara” / kasejahteraan, rada aneh oge , kabeh kailmuan nu purba aya di Garut, ayeuna jga di BEKUKEUN ku pihaka-pihak nu teu hayang Ciamis Garut mekar dina Kamakmuran, kamakmuran ayana pertahanan KItab Sunda Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu taktik tempur kamilitéran, rhayat kudu makmur oge jiga Jakarta jeung kota lainna.
  • Yana Sastra Penerima ILMU Dua Kitab Karatuan SUNDA
    l .Kitab Sanghyang Sasanakerta
    l l . Kitab Pustaka Ratuning Bala Sariwu
    Tanggal 12 bagian gelap bulan Asuji tahun 490 Saka (tanggal 5 Oktober 568 M.) 0.Su…See More

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s